Archive for May, 2008

14
May

Guyonan seger

Najan geus kolot pisan Nini Acah masih keneh beregegeh. Ari masalah pikun mah geus ilahar, ngarana oge nini-nini. Tadi isuk-isuk asup ka warung Somad meureun rek balanja.
“Bade ngagaleuh naon nini?” Mang Somad nanya mani daria (serious:bahasa bulena mah, red)
“Cik Rinso sabungkus”
“Naha nini téh nyeuseuhan nyalira?
“Lain keur nyeuseuhan ..,, tapi ngamandian ucing!” ceuk si nini tandes
“Baruk??? Tong make Rinso nini, ke ucingna paeh geura!” Mang Somad reuwaseun bari teu kuat nahan piseurieun.
“Nya moal atuh! incu nini oge osok …!”

Sorena Nini Acah ngaliwat ka warung Somad.
“Angkat ka mana nini?, ucingna teu dicandak?” Somad ngaheureuyan.
“Paeh …” ceuk Nini Acah pondok.
“Tuh pan …, ceuk uing oge naon? tong make Rinso bisi paeh, Nini mah bandel!” Somad asa meunang set.
“Lain paeh ku Rinso, Somad! TEU NANAON BASA DIMANDIAN MAH!” si nini sentak sengor
“Hah? ari geus?” Somad leuleuy, eleh geleng ngalawan si nini mah
“Basa dipeureut …” ceuk Nini Acah bari ngaleos.

Bu Lia teh guru basa Inggris anu katelah the killer ceuk barudak mah.

Barudak awewe mah biasana balageur, béda jeung barudak lalaki nu borokokok.

Unggal bade rengse palajaran, anjeuna sok ngetest murid-muridna.

Poe kahiji.

“Ayeuna ibu rek ngetest maranéh ihwal irregular verb,

anu bisa ngajawab bener, meunang balik ti heula ! “, saur ibu guru Lia.

“Anu teu bisa, nangtung di hareup nepi ka ibu kaluar ti kantor ! “, ibu ngancem

“Fitha, sok sebutkeun contona irregular verb !”, ibu guru Lia naros.

“Bring - brought - brought, hartosna nyandak”

“Alus. Cikan Yogi ! Tong heureuy bae !”, si Yogi katelah tukang heureuy.

“Dag - dig - dug, hartosna abdi teu acan ngadamel PR”.

“Nangtung dihareup ! Dadan ! “

“Brang - breng - brong, hartosna ema ngambek di dapur alatan teu gaduh beas”

“Nangtung dihareup ! Dikdik ! “

“Begang - begeng - begung, hartosna siga awak Datuk Maringgih “

“Nangtung dihareup ! Yusuf ! “

“Dar - dér - dor, hartosna perang di Irak jeung Palestina”

“Nangtung dihareup ! Mulyana ! “

“Pak - pik - pek, hartosna abdi beberes di bumi “

“Bohong maneh mah tara beberes .Nangtung dihareup ! Dadang !

“Blag - blig - blug, hartosna si Atun diajar leumpang “

“Nangtung dihareup ! Nandang ! “

“Brak - brik - brek, hartosna awut-awutan “

“Nangtung dihareup ! Naddy ! “

“Plak - plek - plok, hartosna bararahe “

“Masingna ase rehe atuh ! Nangtung dihareup ! Adhi ! “

“Cas - cis - cus , hartosna nyarioskeun batur “

“Nangtung dihareup ! Kabeh baralegug ! Deddy ! “

Si Deddy teh budak nu geumpeuran, titatadi geus ngahodhod sieuneun ditanya.

Ayeuna ditanya pisan ku bu Lia.

Bakating ku geumpeur, ari seduuut …. teh hitut !

“Brat - bret - brot nyah ! ?, saur ibu Lia mayunan : ” Kaluar kabeh ! “, ibu Lia bendu.WUAHAHAHA…

Poe ka dua.

“Ayeuna ibu rek ngetst maranéh ihwal present continous,

anu bisa ngajawab bener, meunang balik ti heula ! “, saur ibu guru Lia.

“Anu teu bisa, nangtung di hareup nepi ka ibu kaluar ti kantor ! “, ibu ngancem

“Ridwan, sok sebutkeun contona present continous !”, ibu guru Lia naros.

“Hi istuning (he is tuning),hartosna dia keterlaluan “.

“Maneh nu istuning belegug pisan mah ! Deni !

“Dey weureu daun (they were down), hartosna mereka weureu daun”

” Weureu daun naon maneh teh Deni ?!, kahareup kabeh ! Matak TBC

ngajar barudak kawas kieu mah !”, bu Lia bendu.

” Ah moal bu, buktosna pun rama ngajar di KTB TC sehat-sehat sajah tuch….”

” Heueh da gajihna beda jeung guru SD ! “

14
May

Hello world!

http://rapidshare.com/files/91386127/PortableAP2.0_3.rar




May 2008
M T W T F S S
     
 1234
567891011
12131415161718
19202122232425
262728293031  

Months

Badge Farm

  • Firefox 2
  • CSSEdit 2
  • Textmate
  • Powered by Redoable 1.0